Wednesday, December 5, 2012

DRAMA MDA AL-ISTIQMAL BABAKAN SOMPOK


BEDA SAKOLA SDN JENG MADRASAH

EPISODE I


Hiji ibu ker beberes di imahna  (bari ngabersihan meja ) boga anak ngarana si Ulem bari ngomong sorangan :
“Aduh pusing, mikiran anak hayang sakolaka smp,mana bapakna jarang di imah…usahana rugi nuaya..katambah  loba kiriditan anu can lunas….telila datang pak ustad …..

Ustad : “Assalamualaikum…..
Ema : ‘Waalaikumussalam…Ee,ja pak ustad,Tumben, …mangga calik..bde leet naon
           Pa ustad..?
Ustad ; “wios ibu tong direrepot…(bari si ustad calik)
Ustad : “Kumaha ibu damang….?
Ema : “Alhamdulilah pak ustad pangestu…..namung sakedik riet hulu..
Ustad   : “ Ieu kie bu supados ka uninga ku ibu ,putra ibu anu namina Ulem (bari muka buku )
                sejak lebet ti kelas hiji dugi  ayena kelas opat arek pelulusan,  can pernah ngalebetan
                 Kawajiban sakola  bayar  spp .
Ema : “Ooo,..Muhun pa Ustad ,kin bae nya ngantosan bapana hela da te acan dongkap nuju di
            pasar,
Ustad : “punten ieu teh  bu  sanes abdi nagih kadie ,margi tos kawajibat abdi,ngemutan ka ibu...
Ema   : “ da muhun eta oge kamari nyesehan ,kartu sppna oge kaseseh ku ibu….
Ustad  :” pami kitumah abdi moal lami - lami,baktos bae ka bapak ulem ..assalmualaikum
Ema  : “Waalaikumussalam…”( bari ngabeberes meja jeng bangku  ,bari luak liek neangan
             Anakna)
Ema : “ Lem ….Ulem….dimana eta anak ulina….Ulem….(Emana tunja tenjo bari te nyaho)
           (torojol si ulem datang)
Ulem : “Ma Ieu Ulem ..aya naon ma…
Ema :” Aih ja eta anak ema .kadie kasep cu anak ema anu pang kasepna…. kadieu deket
            jeng ema (bari ngagupai ka si ulem)
Ema  : “Lem Ema ieu ker parusing lainmah bantuan ema beberes imah malah ulin bae…
Ulem : “pusing ku naon Ma..Mikiran bapak nya ma….
Ema   : “Hus lain ..tadi aya guru ulem ti madrasah ,datang ka dieu,nayaken bayaran tacan asup
            Sabulan   bulan acan,cek ema kin bae pa ustad,ja usaha dagangna nuju sepi jeng dei
            Bapak ulemna nageh te aya……
 Ulem : “Terus kumaha ma …”
Ema    :  “nya ku ema te di bere…ja emana teu nyekel duit…
Ulem : “ pan ulem boga celengan ….
Ema :  “hus ulah gandeng ,,celenganmah jang persiapan ulem ke daftar sakola  ka smp…
Ulem  : “Sakola madrasah kumaha ma…kan ulem can bayar spp jeng bayar ujian…
Ema     : “Sakola madrasah mah urang nangguan donatur bae ,anu sok ngajamin yatim piatu tea
              ke Ulem daftar bae karombongan anak yatim ….”
Ulem ; “Ihhhh…ma lamun ulem jadi yatim  kumaha…..
Ema :  “ Keun bae ….ulem jadi yatim atuh  ema kawin dei…..
              ( te lila dongkap bapana )
Bapak : “ ehm…ehm…aya naon  .aya naon….kadua anak  ngomongken kawin sagala…..
  Ulem   : “eta pa ema rek…….( si ulem dipempenan biwirna ku emana)
Bapak : “ emangna bapak te ngadenge ema ngomong naon …
              ( bari nada sewot jeng marah) ayageh bapak anu kawin..bapakmah lalaki, bisa  
               nyandung.. …bisa kawin dei sampe opat kali deui…….
Ema  :  “ Aih  eta si bapak jadi marah jadi sewot….emamah ngomong kawin soteh
                lalagaan..lagian bawaan anak anu di jero beteng …. 
Bapak : “eweh tidituna  awewe nyandung  mah   ma…
Ema    : “Idih eta bapak  lain nyandung, tadigeh cek ema  lamun  si ulem yatim ema kawin deui..    
Bapak : “Hooh Eta kawin …. berarti ema nyumpahan bapak pang gera paeh…..
Ulem : “Ges,ges ma.. bapak ulah parasea…kumaha kuari nasib ulem…..
              Naha ulem terusken sakola madrasah atawa ulah…..ja ulem isin ..can bayar spp jeng
               Ujian.     
Bapak  : “Lem anak bapak,lain ku te hayang bapak ngabiayaan sakola madrasah,bapak oge sami
                ker mikiran usaha.. harga sagala nararaek,dagang gede kana modal daripada
                untung,ges sakola madrasah mah nungguan ahirna bae ,lamun daftar ka smp perlu
                 ijazah ke ku bapak izazahna ditebus tapi lamun hente pake ijazah urang lewatken bae
 Ema  : “terus pak biaya kanggo daftar si Ulem ka smp kumaha….?
Bapak :  “Tah etamah masalah biaya daftar ka smp bapak geh ges nyiapken tihela tabungan di
                 Bank 20 juta bisi sakalian si ulem hayang meli motor meli hp ja budak kuarimah pan
                Sakolana kudu ngagaya bae…ngomong2.. Ema  rek ilu ka bank nyokot duit  jeng
                bapak?
Ulem :  “Atuh ema mah sudah pasti, kana duitmah nomor hiji…
Bapak  :  “hayu Urang kabehan ari kitumah….




EPISODE II
Bapak si Inem bari mawa kopi tidapur calik dina korsi make camata,pek nyarios ka penonton  :  Punten ibu- ibu bahela mah abah ker letik sakola didieu teh bararocor, da ayenamah ngenaheun   euy bangunan sakola seperti gedung serbaguna bae mani aheng gagah  dei,  Alhamdulillah nya aya nu karunyaeun ka madrasah teh    mudah mudahan ieu nu ngabangun madrasah di mahmurken milikna  ku Allah Amiin..di panjangken Yuswana  amiin,,,kin nya bu abdi bade maca hela…( niingalian rapot si inem Bari jeng taliti…..te lila ngagero ka anakna)
Abah : “Nem    Inem  kadie gelis…..nuju naon kitu..
Inem  : “ Eta inem nuju ngararapih kamar….”aya naon kitu Bah…
Abah : “sok calik.. Abah  arek nyarios….(bari ningali kana rapot) Abah ngarasa bingah
               Inem di sakola madrasah  rengkingna ka hiji bae,,,ngan ku Abah di tingali  dina rapot
               Pelajaran  - pelajaran bahela  waktu abah sakola di die  teu aya   …nya nem.. naha atuh
Inem  : “Oh,..etamah nu aya di rapot pelajaran anu tos dibakuken di departemen agama abah..
              Kurikulum pelajarana oge sami di departemen agama..
Abah :    “Berarti pelajaran bahela nu nulisna arab bae tea naha te di ajarken di madrasah ?
Inem : “Saur pa Ustad oge pelajaran bahelamah  anu dina kitab tea eta tradisi wajib tibahela
             Moal sampe di tinggalken..sampe ayena oge masih di ajarken ….abah..
Abah  :  “Nya sae ari kitumah  Nem……
Inem   : “Ngan Abah, Inem mah prihatin,,,
Abah  : “Prihatin Kunaon ?
Inem  : “Seer wali murid ayena nyakolaken putrana ka madrasah ieu ngan ngarepken ijazah
              Wungkul ,ari kana elmuna hente bener bener di alap…daftar sakola asup ka kelas
               IV belajar ngan 3sasih langsung ngiring ujian.. kudunamah kan ti kelas hiji hela….
Bapak : “O.Nya ,nem sabara sasih  spp madrasah   nu can lebet ?
Inem     : “  2 sasih bah …5000,sasasihna ….
Bapak   : “Atuh murah cek abah mah sakitumah nem …dibandingken jeng roko samsu, 
                 sabulan seepna hampir tiluratus rebu….
Bapak   : “ spp duaratus perak sapoe  jeng impaq ka guru madrasah manfaatna dunia aherat
                   Dibandingken  sapuluh rebu sabungkus roko sapoe  can puguh aya manfaatna sanes
                    kitu penonton…
                 “kin sakola… sppna lunasan ku inem artosna ay di ema…ngomong-ngomong emana
                  ka mana   Nyah…
Inem  :  “ Nuju Ka Cai meren bah…..biasana emamah caina ka tanggul Karab..
              ( Te lila torojol emana dongkap bari mawa boboko)
  Ema   :  “Assalmualaikum….
Bapak  : “Waalaikumussalam wr.Wb…ja eta ema si jantung hati abah…di pilari ku abah …
Ema  : “Aya naon bah ..ema kan tos kukumbah …ngesikan beas anyar ..piken tuang kin sore..
Abah   “ Lauk boncel menang abah di sawah tea…di belem bae ma ..di cocol jeng sambel goang.
             Lalabna,lalab genjer,,jadi, hayang dahar abahmah…..
Ema  : “Ngomong-ngomong aya naon bah …kawas aya anu rek di obrolken jeng ema…
Abah  : “Ieu Ma si Inem rek bayaran spp di madrasah lunasan bae sadayana..da karunya ka guru-
             Guruna   capeun ngajar, hente aya nu nga gajih aya oge menang ti pamarentah cenah
              ngan limapuluh rebu sabulana eta oge di bayarna tiap genep bulan sakali…
Ema  : “Karunya amat nya bah…mun urang bengharmah  meren bisa nyumbang tiap bulanna
             Ka guru-guru madrasah,…naha teu aya donatur tinu benghar…?
Abah   : “Ari nu benghar mah loba ma..biasa bae atuh kana kabagusanmah hararese kabeh oge
Ustad   : “ Assalamualaikum …
Abah  : “Waalaikumsalam Wr.Wb…aih ..ust.ujang  kumaha damang?…hayu –hayu
               mangga calik …
Abah   : “ Ma ustad ujang teh babaturan abah bahela waktu sakola di madrasah ngan ari abahmah
               Lanjutna ka sakola pertanian pami ustad Ujangmah teras ngajar di madrasah
              Alistikhmal Babakan sompok….
Ustad  : “Ari maksadna abdi kadie teh..kahiji manjangken silaturohim kanu jadi sobat bahela…
             Kaduana aya peryogi anu  sangat penting…..
Abah   : “Kira-kira naon yeh…
Ustad   :  “ Salelesnamah abdi  teh  tos cape ngajar di madrasah  ieu hampir duapuluh lima tahun
               Kira- kira kaka daek ngagantian abdi ngajar di madrasah .?
Abah  : “ Ke..ke…Aya naon ieu  sampe hayang eren ngajar.di madrasah sagala….
Ustad  ; “ Kapan kaka nyaho sorangan  kuarimah abdi tos rumah tangga tanggumgan seer,
              Resiko dapur te cukup limapuluh rebu sapoe…
Abah  :  “terus maksudna kumaha ?
Ustad  : “Insya Allah   abdi arek milarian padamelan ka Jakarta…
Abah   :  “Laju barudak di sakola rek di tinggalken…?  Aduh.. ke hela ke hela..ke  kuring
               Aya solusina  ….ma mana hape ..
Ema   :  “ Tadi Ku abah ….
Abah   “ O ja ieu aya ..(abah mencet hpna)Halo… Assalamualaikum  Kiai Haji makmur sanes ?
                Kumaha damang? Muhun abdi….nuju aya di rompok…puguh kieu kahaji..kuring aya
                peryogi,tiasa  Dongkap ka bumi teu..oh muhun muhun…assalamualaikum..
Abah  :   “ Ke urang sakalian ngobrol di dieu jeng kiai haji makmur…sugan aya solusi jalan
                   kaluarna  supaya ka ustad tiasa terus ngajar di madrasah…..
 Kiai      :  “assalamualaikum wr.wb.…..            
  Jawab kabeh :  “waalaikumsalam Wr.Wb. 
Abah    :  “ (abah meluk ka kiai )  mangga calik…ka sadayana ….
Abah       : Mangga ka kiayi haji makmur kintena tiasa masihan solusi ka kami sadayana ….
Kiyai       :” Assalamualaikum Wr.WB.  ka para ibu ka para bapak sadayana…
                   Ningali dimana jaman ayenamah mantak araringgis…barudak ayeunamah seer anu te
                  daek nuntut kana elmu agama,katambah kolotna anu te ngadukung ka anakna piken
                   nyukcruk  elmu piken piaherateun anu bakal nyalametken manehna  di dunia jeng di
                  aherat…Ilmu piaheraten di nomor duaken,bahkan teu di alap sama sakali..ngudag-
                  ngudag  elu dunia..terus-terusan …ari sakola SD pake baju bararagus..bari jeng
                  sararengit , sobek saetik di ganti jeng nu anyar,tapi kunaon eta ibu-ibu giliran anakna
                  ka sakola madrasah bari jeng make baju dudut bau hapek,calana bolong di pake ka
                  madrasah…giliran Ustadna menta bayaran malah nitahan eren sakola ka anakna ,
                  Eee..giliran lamun aya bayaran di sakola SD ngabelaan jujual anu aya ,te aya
                  cincin,gelang  teu aya gelang kongkorong anu di jual ja sien anakna di kaluarken di
                  sakola …..
Bapak Ulem  : “Punten pa kiayi…pan ngajar di madrasahmah kudu karena Allah…..
Kiayi        :    “Ari anu ngaran karena Allah eta kieu Pak Ulem…contona Ustad Ujang ngajarken 
                         Alip jabar A Ba jabar Ba ka  anak bapak sampe bisa ..tah eta ustad ujang  
                        ngajarkenana kudu karena Allah, tapi ari mayarna bapak ulem  piken ngadidik ka
                        ustad ujang eta Wa..Wa jib…jadi lain karena Allah…
                       Tapi ka haji yakin  kapara ustad sadayana anu ngajar elmu agama dimadrasah ieu
                       Tos ngagaduhan niat ti awalna nyaeta hayang menang rido Allah…sareng na deui
                      Kahaji optimis kapara wali murid sadayana tiasa ngalaksanaken kawajiban kanggo
                         kasejahteraan para ustad   seperti henteu ngalalaikeun mayar spp bulanan jeng nu
                        sanesna ..tah rupina  cukup sakitu sim abdi teu panjang lebar …
                        Assalamualaikum Wr. Wb. 
Abah inem  :  “Hatur nuhun ka pak kiyai haji makmur anu parantos tiasa sumping ka bumi abdi
                       Oge ka sadayana …anu hadir..sakantenan urang tuang sonten babarengan  …ka
                       dapur…mangga kiayi ti payun…..